Sajak #Save_Ex-Palaguna

waktu tara ngabohong
sakedap deui kami baris mulang ka alam kubur
mun ayeuna meredih tilas palaguna
sangkan ngajadi taman asri paniisan
éstu lain pikeun kami anu rék maot
meredih sotéh ku deudeuh ka bandung
ku nyaah ka anak-incu
sangkan kabéh tumuwuh ngajadi manusa
ulah teuing ukur ngajadi jelema
enya di dinya pisan
aya anu kasebat sumur bandung
kukituna ras ka kecap pusaka kalayan dunga
ti Radén Adipati Wiranata Kusumah II:
Sumur Bandung méré karahayuan ka Dayeuh Bandung
Sumur Bandung kahayuning Dayeuh Bandung
piraku téh teuing rék digadabah deui?
kapan tos kabuktosan
dijieun naon baé ogé
di éta wewengkon moal ngajadi nanaon
anggur urus ci nyusu sumur bandung
anggur urus cikapundung ulah teuing tepi ka pundung
walungan jeung ci nyusu baturna lain gedong beton
walungan jeung ci nyusu ilaharna sakahirupan jeung tutuwuhan
hirup bareng méré karahayuan
.
Cibolerang, 2 2 2017

Komentar

Postingan populer dari blog ini

Paradigma Budaya Eks Palaguna

Tak Ada Lagi "Awi jeung Gawirna," Banjir dan Longsor pun Berdatangan

Harry Roesli Sang Jenius Monumen Musik Indonesia